Senin, 10 Juni 2013

Pengemis jaman Ayeuna... :\ :D



Basa panas poe mencrang kana tarang, kuring rek niatkeun panggih jeung babaturan di Masjid Agung Cianjur, caritana mah jam 1 teh geus karumpul.
basa di ilik ti kajauhan eh geuning ukur tiluan, bari jeung seuseurian teu puguh nyarita naon. pipilueun we kuring nimbrung. karek ge gek jol budak leutik turungtung datang lumpat dina kaayaan caludih teu puguh tuluy ngomong "a..pasihan a...."
aduh kuring ngarasa iba,, bere we ku kuring 2 rebu.
ari pek ti kajauhan ibu ibu ningalikeun ieu budak nu keur menta ka kuring, kiclik we sanggeus eta budak indit, ibu ibu ieu datang bari ngomong anu sarua..."jaaang....pasihan jaaaangg...."
ku kuring teu di bere da euweuh deui receh teh (edas jiga nu duit teh beureum kabeh, kat euweuh recehna). "punteun ibu..." (saur simkuring bari mesem ka eta ibu ibu)...
tapi keukeuh teu daekeun indit....tuluy we menta bari melas...
ah ku kuring ge jawab deui we sapertos tadi....
ari pek teh teu lila ti dinya, meureun kesel nungguan kuring teu daek wae mere (dua jam lah kira kira nungguanna) eta ibu ibu ngabentek "NYENGEH SIA.....!!!!! NYENGEH....!!" nya puguh we kuring seuri, da kahayang manehna nitah kuring seuri...."hehehe..." tuluy di bales "EUUUH....GALAKGAK SIA.... NYENGEH !!!!...." (ceuk si ibu). "oh ibu hoyong abdi galkgak.....nya bu mangga... HAHAHAHAHAHA GAK GAK...HAHAHAHA,, tos bu  cekap???"(ceuk kuring polos) si ibu tadi indit bari beunget pinuh ku adat ka kesel ka kuring...
"naaa arii ibu.... ari ngemis teh kudu pikarunyaeun lain pikaseurieun... nya puguh we kuring teu paham, ah si ibu mah pengemis teh aya aya wae..."

Cianjur, 8 juni 2013
M.Ilham Argiansyah

Putra na Ayah Dani



Mapatahan pun anak : "...De, cik sing gaduh paradigma anu logis atuh, ulah nyandak kasimpulan anu ekstrim tapi sesaat nu engkena bakal nimbulkeun clash dina emutan De Fatya, Umi sareng Abi, cobi intensitas pemikiranna sing kontinyu sareng religiusitasna ulah ngirangan malah kedah terus di up grade... mind set na robih sing jadi positive thinking bari dieusian ku knowledge nu bermanfaat, terus tingkatkeun mobilitas sareng kreativitasna ngarah emutanna tersentripetal kana hal-hal positif, ulah kawas ayeuna enjing-enjing tos hoyong jajan... GEHU PEDAS...!!!"



Kar Fri dey

 

 Pangalaman poe ahad : Kuring make motor niat rek ka Gedong Assakinah sabab kudu mingpin upacara adat dina hiji acara pernikahan. Barang anjog ka jalan BLK, jalan ditutup sabab aya acara ''Car Free Day'' cenah, katembong loba pulisi ngajagaan. Kuring menta bongbolongan ka saurang pulisi.
Kuring : Pa mohon izin mau ke Assakinah ada acara pernikahan''
Pulisi : ''Tidak bisa! lagi car free day, ini kan rutin..!!!''
Kuring : ''Car free day apaan Pa..???'' (api2 teu nyaho).
Pulisi : ''jalan bebas kendaraan, lagian nanti aja jam 9 baru boleh masuk...''
Kuring : ''Car artinya apa Pa..?'' (api2 teu nyaho deui).
Pulisi : ''artinya mobil!!!'' (rada nyentak).
Kuring : ''ini kan motor Pa bukan mobil, harusnya diganti Car and Motocycle free day..'' (brada nyengir tur taki2)
Katembong beungeut pulisi rada geuneuk kawas nu sahabek-habekeun, antukna kuring nyalametkeun diri, malikkeun motor bari ngagas becir bari seuseurian sorangan...

 

Sumber : http://www.facebook.com/dani.ramdani.334491?fref=ts

 

 

Ujian Nasi Onal 3

 

 

Keur ngawas Ujian Akhir Madrasah nu kabeneran nu diujikeun teh palajaran matematika. Nengetan tingkah polah barudak aya ku rupa2 : dibere kertas keur ngotret kalahka dipake ngagambar baju, aya deui nu dipake nyieun paparahuan, aya deui nu dipake ngageberan awak sok padah hawa teu sing panas. Aya deui anu gegetret gagaro tarang wae padahal mah kawasna teu ateul2 acan da teu katembong aya bentol hiji2 acan. Aya anu nyuuh wae kana meja kawas nu kanyenyerian mireungeuh soal nu pikasediheun. Aya deui nu hantem ngegelan patlot sok padahal mun mikir mah da moal aya atuh permen kojek merek faber castle... Aya nu sibuk ngacung2 ramo ka babaturanna menta dibejaan bari jawaban ti babaturanna teh ukur gideug ajep ajep... Aya deui anu nyarande kana korsi bari sirah ngalenggak kawas nempoan cakcak, meureun dina pikirna cakcak mah bagja euy bisa jongjon kakarayapan dina lalangit teu jiga aing kudu mikiran rumus matematika... Eta kabeh nandakeun yen maranehna teh hayang jumerit : ''AING TALUUUUUUUKKKKK''... Hahaha MERDEKA!!!

 

Sumber : http://www.facebook.com/dani.ramdani.334491?fref=ts

 

 

Ujian Nasi onal 2

 

 

Catetan UN poe kadua : Basa ujian palajaran Bahasa Inggris bagian Listening Section (teuing naon maksudna nu puguh mah ngetes dedengean barudak normal atawa henteu). Ana prung kasetna distelkeun, kuring ge salaku pangawas boro2 ngarti da nu puguh mah nu kadenge kana ceuli teh lain sora jelema keur ngobrol tapi kawas nyiruan keur tawuran pating harieng (ah eta mah kuringna we nu teu ngarti da iraha atuh ka Inggrisna ge?). Sok komo polah barudak nu rupa2 basa listening section teh : aya nu serieus api2 ngadengekeun bari unggut-unggutan tapi basa ditanya ku babaturanna naon hartina, unggut2an na ganti ku gideug bari seuri, aya nu nutupan ceuli wae, majarkeun teh didengekeun ge kalah nambah lieur, nu paling hebat aya nu listening section can distel, manehna mah geus ngajawab da katempo totol2 hideung dina JLK na geus loba mani renyek, basa ditanya eta jawaban ti mana..? emh... Merdeka we lah!!!


 

Ujian Nasi Onal

Catetan UN poe kahiji : Jumlah soal jeung LJK nu katarima teu cukup nepika aya dua ruangan anu teu kabagean soal jeung LJK (basa ditanyakeun ka pihak nu ngabagikeun soal cenah geus beak). Kualitas kertas kalengkepan UN nu goreng kacida (leuwih goreng batan taun tukang). LJK nu ipis gampang kotor jeung soeh. Kertas berita acara, daftar hadir peserta jeung lembar fakta integritas kacida ipisna nepika mangsi pulpen oge miis ka beulah tukang antukna aksara nu geus puguh goreng teh beuki ramijud (emh abong proyek nya..???). Sok komo mireungeuh berita dina TV mah nepika aya 11 provinsi anu UN na ditunda saheulaanan... Ah kawasna taun ayeuna mah teu pantes di sebut UN, pantesna UTN (Ujian Teu Nasional) atawa UNW (Ujian Nasional Wawarehan)... Hahaha Merdeka!!!

Sumber : http://www.facebook.com/dani.ramdani.334491?fref=ts