Ujian Nasi onal 2

Catetan
UN poe kadua : Basa ujian palajaran Bahasa Inggris bagian Listening
Section (teuing naon maksudna nu puguh mah ngetes dedengean barudak
normal atawa henteu). Ana prung kasetna distelkeun, kuring ge salaku
pangawas boro2 ngarti da nu puguh mah nu kadenge kana ceuli teh lain
sora jelema keur ngobrol tapi kawas nyiruan keur tawuran pating harieng
(ah eta mah kuringna we nu teu ngarti da iraha
atuh ka Inggrisna ge?). Sok komo polah barudak nu rupa2 basa listening
section teh : aya nu serieus api2 ngadengekeun bari unggut-unggutan tapi
basa ditanya ku babaturanna naon hartina, unggut2an na ganti ku gideug
bari seuri, aya nu nutupan ceuli wae, majarkeun teh didengekeun ge kalah
nambah lieur, nu paling hebat aya nu listening section can distel,
manehna mah geus ngajawab da katempo totol2 hideung dina JLK na geus
loba mani renyek, basa ditanya eta jawaban ti mana..? emh... Merdeka we
lah!!!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar