Senin, 10 Juni 2013

][Carita Ayah Dani][ (the turuwiseun)

 

 

Basa nepi ka sakola, babaturan jeung murid2 mani marelong ka kuring pedah panon kuring jadi opat...eu maksud teh make tasma (kaca panon). Meureun panyangka maranehna panon kuring geus lamur, padahal kuring keur boga rusiah gede nyaeta keur katarajang panyakit nu ceuk basa ilmiahna mah THE TURUWISEN alias cenang dina juru panon. Teuing kunaon atuh ieu panyakit teh sok tumiba ka kuring lamun heg Persib eleh. Kawas kamari we Persib ngalaman dua kali teu manggapulia jojog patutunggalan ngayonan Arema jeung Gresik, ujug2 pelentung aya nu bijil tina juru panon, heueuh turuwisen tea. Kawasna mah kudu aya panalungtikan ilmiah ngeunaan ieu hal. Sok saha nu daek ngalakonan lumayan Karya Tulis Ilmiah saeutik-eutikeun nambahan kredit poin bekel naek tingkat, tah dibere judulna : ''THE IMPILICATIONS STUDIES BETWEEN RESULT OF THE PERSIB'S GAMES WITH THE CHENANK IN THE CORNER OF EYES'' (Sebuah Studi Sebab Akibat Antara Hasil Pertandingan Persib dengan Munculnya Penyakit Turuwisen)... Hampura Basa Inggrisna teu puguh da diajarna ge lain ka si Beckham (nu asli urang Babakan London) tapi ka Mang Omod urang Kampung Ranca Bekok... Merdeka !!!


 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar