Senin, 10 Juni 2013

Mario Teu Puguh :D


Sababaraha conto kajadian nu matak ngabalukarkeun tagiwur hate (ceuk basa barudak ayeuna mah Galau) :
1. Nginum ubar nu rasana pait, ubar geus dina letah pas rek nginum caina panas pisan bari taya cai nu tiis...
2. Tengah peuting lapar, niat rek nyieun mih kulub (=mie rebus), pas mih geus dikunclungkeun kana cai nu geus ngagolak, gasna beak...
3. Boga balon pulas hejo terus bitu, sabab ceuk laguna oge "meletus balon hijau dar!, hatiku sangat kacow" (nu ieu mah ti Kang Haji Taufik Faturohman, hapunten kang teu wawartos heula hehehe).
4. Keur lapar boga kueh ngan hiji2na, basa rek dihuapkeun murag kana gundukan tai munding. (barina oge nanaonan ngadahar kueh deukeut tai munding nya..? kawas euweuh deui tai nu sejen).
5. Balik ngajar lalajo Persib heula di kantor, hanas dilalajoan belaan balik peuting ka imah, eh Persibna eleh, jaba di perjalanan basa ngadon sholat maghrib di hiji masjid disentak sabab poho mayar parkir, barang ngodok pesak taya duit saeutik-eutik acan, tungtungna kuring menta hampura terus ngadius indit dituturkeun ku paneuteup petugas parkir di eta masjid...
Uoh terasakah oleh dirimu Kawan betapah galaunyah hati inih... Merdeka!!!

 

Sumber : http://www.facebook.com/dani.ramdani.334491?fref=ts

 

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar