Ujian Nasi Onal

Catetan
UN poe kahiji : Jumlah soal jeung LJK nu katarima teu cukup nepika aya
dua ruangan anu teu kabagean soal jeung LJK (basa ditanyakeun ka pihak
nu ngabagikeun soal cenah geus beak). Kualitas kertas kalengkepan UN nu
goreng kacida (leuwih goreng batan taun tukang). LJK nu ipis gampang
kotor jeung soeh. Kertas berita acara, daftar hadir peserta jeung lembar
fakta integritas kacida ipisna nepika
mangsi pulpen oge miis ka beulah tukang antukna aksara nu geus puguh
goreng teh beuki ramijud (emh abong proyek nya..???). Sok komo
mireungeuh berita dina TV mah nepika aya 11 provinsi anu UN na ditunda
saheulaanan... Ah kawasna taun ayeuna mah teu pantes di sebut UN,
pantesna UTN (Ujian Teu Nasional) atawa UNW (Ujian Nasional
Wawarehan)... Hahaha Merdeka!!!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar