Ujian Nasi Onal 3

Keur
ngawas Ujian Akhir Madrasah nu kabeneran nu diujikeun teh palajaran
matematika. Nengetan tingkah polah barudak aya ku rupa2 : dibere kertas
keur ngotret kalahka dipake ngagambar baju, aya deui nu dipake nyieun
paparahuan, aya deui nu dipake ngageberan awak sok padah hawa teu sing
panas. Aya deui anu gegetret gagaro tarang wae padahal mah kawasna teu
ateul2 acan da teu katembong aya bentol hiji2
acan. Aya anu nyuuh wae kana meja kawas nu kanyenyerian mireungeuh soal
nu pikasediheun. Aya deui nu hantem ngegelan patlot sok padahal mun
mikir mah da moal aya atuh permen kojek merek faber castle... Aya nu
sibuk ngacung2 ramo ka babaturanna menta dibejaan bari jawaban ti
babaturanna teh ukur gideug ajep ajep... Aya deui anu nyarande kana
korsi bari sirah ngalenggak kawas nempoan cakcak, meureun dina pikirna
cakcak mah bagja euy bisa jongjon kakarayapan dina lalangit teu jiga
aing kudu mikiran rumus matematika... Eta kabeh nandakeun yen maranehna
teh hayang jumerit : ''AING TALUUUUUUUKKKKK''... Hahaha MERDEKA!!!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar