Senin, 10 Juni 2013

][Carita Ayah Dani][

Hiji pasangan keur bobogohan peuting2 anteb naker...


 

 

lalakina (L) : "Eneng cinta ka Aa..?"
Awewena (A) : "Kantenan atuh Aaaaa..." (bari lelendean kana taktak lalakina)
L : "Neng mani geulis..." (Ngusapan buuk awewena bari rada geregeteun)
A : "Aa ge mani kasep..." (bari nyiwit kana cangkengna, kawasna mah tarik teuing)
L : "Aduh! nyeri bebel...!!!"
A : "Sarua buuk aing ge peureus dijenggutan ku sia...!!!"
L : "Eeh kunyuk teh ngalawan ka aing..." (bari cos! nyolok irung awewena ku dahan jambu)
A : "Auuuuwww!!! teu suka aing mah dikitu2 ku sia" (bari gep!!! nyokel huntu lalakina ku gegep)
L : "Geloooo siah hauuuuuh..." (bari habek!!! nonjok kana beuteung awewena nepika ngajengkang kana balong)
A : "Aaaaaahhh tuluuuuuung..." (bari rorongheapan teu bisa ngojay)
Antukna guyur salelembur, jul jol kolot awewena, RT, RW, Polisi Desa, Hansip, Satpol PP, jeung masyarakat marawa pakarang, malah ambulan jeung mobil blanwir milu datang serineuna mani ngaheang...
L : "Beu, Cilaka aing..."
Kitu kajadian nu ngabalukarkeun konflik antara pasangan artis Ardina Rasti jeung Eza Gionino teh (numutkeun katerangan ti Juru Bicara Departemen Percenahan RI)... Merdeka !!!


Tidak ada komentar:

Posting Komentar